Bismillah hirahmanirrahim
Assalamualaikum [Link]
Sayur urab sayur lodeh
Ngajawab mah aya tapi teu kabeh
Assalamualaikum wr,wb
Buuk cepak sirah botak
Rada kompak tapi ciga nu nyentak
Bismillahirrahmanirrahim
Alhamdulillah hirobbil alamin wabihi nastainnu ala umuriddunya waddin
Waala alihi wasohbihi ajmain
Asyhadu ala ila ha ilallah wah dahu la syarikallah
Waasyhadu anna muhammadan abduhu warosuluh
Amma ba’du
Langkung ti payun manga urang panjatkeun puji sinareng syukur,ka allah s.w.t ku irodah anjeu nana
urng sadaya tiasa ruing mungpulung paamprok jonghok patepang raray dina raraga mieling maulid
nabi Muhammad s.a.w
Teu kakantun sholawat sareng salam mugia ttp ngocor ngagolontor ka jungjungan urang saddayana
nyatana habibana wanabiyana wamaulana Muhammad saw
Ka kulawargina ka para sohabatna ka para tabiin tur tabiat na mudah mudahan urng sadayana kaaku
jadi umatna tur ngenaan syafaattuluzma di yaumil akhir eungke ammiin…..
Saykhona almukaram wal mukarammah pimpinan pondok pesantren al mudarisinnathalibbin anu ku
sim kuring di pihormat oge dimulyakeun, anu mana mudah mudahan allah maparinan Panjang
yuswa, disehatkeun badanna, tur di lungsur langsarkeun sagala pamaksadannana.
Teu hilap oge ibu bapa hadirin anu ku sim kuring di piohormat, santri wasantriat nu ku sim kuring di
pikacinta. Mundah mudahan diistiqomahkn dina nyiar elmuna.
Hapunten sateuacanna, abdi duaan didieu salaku pang jajap acara panganter carita, bade maoskan
sababaraha mata acara anu baris dipindangkeun dina acara weungi iyeu.
Acara anu
Ka 1 nyaeta pembukaan
2 pembacaan ayat suci alquran dilajengkeun ku aosan solawat
3 sambutan sambutan
4 acara inti
5 aosan al berjanji
6 panutup sarng doa
Supados teu nyangkalong kana waktos, urang kawitan bae acara anu ka 1 nyaeta pembukaan.
Kanggo muka iyeu acara, mangga urg aoskeun basmalah sasaarengan.
-----
Nincak kana acara anu ka 2 nyaeta pembacaan ayat suci alquran dilajengkeun ku aosan solawat anu
bade dikapayunkeun ku saderek (mila)
Mangga waktos srg tempat di haturanan
…..
Alhamdulillah, hatur nuhun ka saderek (mila) anu parantos maoskeun ayat auci alquran srg solawat,
mudah mudahan nambih kaberkahan tur kaimanan khusus kangge nu ngaoskeun umum ka sadayana
Acara anu salajeungna, nyaeta sambutan anu bade di dugikeun ku ketua panitia ,mangga kanggo
saderek ape waktos sareng tempat di haturanan
….
Hatur nuhun kanggo saderek ape anu parantos ngadugikeun sambutan
Salajeungna nincak kana acara anu di antos antos nyatana acara inti dina weungi iyeu. Langsung bae
Anu ka 1, nyaeta pembacaan doa, surat surat pendek , srg Rarakatan solat anu bde di kapayunkeun
ku santri wasantriat panagosan asar
….
Masyaallah, haturnuhun kanggo santri wasantriat anu parantos tampil, mudah mudahan
distiqomahkeun dina nyiar elmuna.
Penampilan anu ka2, nyaeta pembacaan kitab safinah anu bade dikapayunkeun ku santri wasantriat
pangaosan mabrig
Manga waktos srg tempat di haturanan
….
Alhmadulillah, hatur nuhun kangge snatri wasantriat anu parantos ngajelaskeun kitab safinah. Mudha
mudahan naon anu di dugikeun ageung manfaatna kangge urg sadaya,
Penampilan anu salajeungna nyaeta pembacaan kitab jurumiah dilajengkeun ku nadom tasrifan anu
bade di kapayunkeun ku santri wasantriat pangaosan isya.
….
Haturnuhun kangge snatri wasantriat amu parantos nganadomkeun kitab jurumiah srg tasrifan mugia
janteun berkah kangge urg sadaya.
Penampilan anu salajeungna nyarta, pidato anu bade dikapayunkeun ku saderek opik.. mangga
waktos srg tempat dihaturanan
...
Hatur nuhn kanggo saderek opik. Mudah mudahan naon anu di dugikeun ageung manfaatna kangge
urg sadaya.
Sateu acan lajeung kana acara anu salajeungna, urg tes hela nya. Nembe ngenaan naonc enah pidato
anu dicandak ku opik teh??
Kumha ibu ibu, lajeungkeun?
Manga, Salajeungna aya nadoman anu bade dicandakeun ku ceu mimin anu judulna... mangga
waktos srg tempat dihaturnana
...
Haturnuhun kangge ceu mimin anu parantos nganadomkeun…..
Ti awal acara, urg saaya parantis ngadangukeun nadom, teras surat surat pendek, rarakatan solat,
teras aya pidato, ayeuna aya naon deui nya??
Meh sumanget, kumha lamun ayeuna urg ngadangukeun solawatan??
……
mangga urang dangukeun lantunan solawat anu bade di sairkeun ku ibu ibu nu kakurung ku 3 grup ti
pangaosan Al mudarisinattolibin
Langsung baee, kango ibu ibu grup ka1 anu divokalan ku ibu popon,mangga waktos srg tempt di
haturanan...
(Kumhaa ibu2 atos siap)
....
Salajeungna kanggo ibu ibu grup ka 2 anu divokalan ku ibu ijah, mangga waktos srg tempat
dihaturanan
...
Solawat anu terakhir bade di syairkeun ku ibu ibu grup ka 3 anu bde divokalan ku ma ea, mangga
waktos srg tempat d haturnan
..
Alhamdulillah, acara inti parantos rengse.. haturnuhun ka para jamaah anu parantos dongkap kna
iyeu acara.. mudah mudahan ngajantenkeun amal sae, nambih kaimanan oge kaberkahan kangge urg
sadaya.
Kanggo nutup iyeu acara, bade diaoskeun al barjanji anu bde di pimpin ku syaikhona al mukarom
wal mukoramah bpa ustad abdul mutolib.
Abdi duaan salaku mc, amit mundur
Saninteun buah saninteun
Saninteun di parapatan
Hapunten abi hapunten
Bilih aya kalepatan
Wassalamualaikum wr wb