0% found this document useful (0 votes)
96 views4 pages

Khutbah Idul Adha 1443

The document provides a khutbah or sermon for Eid al-Adha given by the Tasikmalaya Regency Ministry of Religion office. It discusses five lessons from the story of Prophet Ibrahim, including: 1) strengthening faith in Allah; 2) cultivating good character; 3) pursuing knowledge; 4) fostering Muslim brotherhood; and 5) developing a strong economic foundation through halal means. The sermon encourages Muslims to build these qualities within themselves to overcome challenges and live according to God's guidance.

Uploaded by

IRMAN AMINUDIN
Copyright
© © All Rights Reserved
We take content rights seriously. If you suspect this is your content, claim it here.
Available Formats
Download as PDF, TXT or read online on Scribd
0% found this document useful (0 votes)
96 views4 pages

Khutbah Idul Adha 1443

The document provides a khutbah or sermon for Eid al-Adha given by the Tasikmalaya Regency Ministry of Religion office. It discusses five lessons from the story of Prophet Ibrahim, including: 1) strengthening faith in Allah; 2) cultivating good character; 3) pursuing knowledge; 4) fostering Muslim brotherhood; and 5) developing a strong economic foundation through halal means. The sermon encourages Muslims to build these qualities within themselves to overcome challenges and live according to God's guidance.

Uploaded by

IRMAN AMINUDIN
Copyright
© © All Rights Reserved
We take content rights seriously. If you suspect this is your content, claim it here.
Available Formats
Download as PDF, TXT or read online on Scribd
You are on page 1/ 4

KHUTBAH IDUL ADHA 1443 H

Dikaluarkeun ku:
KANTOR KEMENTERIAN AGAMA KABUPATEN TASIKMALAYA
LIMA PERKARA;
PELAJARAN TINA KISAH NABI IBROHIM AS.
Disusun ku : H. Dedi Zulharman, M.Ag
Penyuluh Agama Islam Kecamatan Pagerageung

ُ‫علَ ْي ُك ْم َو َر ْح َمةُ هللاِ َو َب َر َكاتُه‬ َ ‫س ََل ُم‬َّ ‫اَل‬


ُ‫ الَ إِلهَ إِالَّ هللا‬،ً‫ص ْيَل‬ ِ َ‫س ْب َحانَ هللاِ بُ ْك َرة ً َوأ‬ ُ ‫ اَهللُ أَ ْكبَ ُر َكبِي ًْر َاو ْال َح ْم ُد ِهللِ َكثِي ًْرا َو‬9x‫اَهللُ أَ ْكبَ ُر‬
ُ‫ب ْال َعالَ ِميْنَ ن َْح َم ُدهُ َونَ ْستَ ِع ْينُهُ َونَ ْستَ ْغ ِف ُره‬ ِ ‫لِل َر ه‬ ِ ‫ اَ ْل َح ْم ُد ِ ه‬.ُ‫ اَهللُ أَ ْكبَ ُر َوهللِ ْال َح ْمد‬،‫َوهللاُ أَ ْكبَ ُر‬
ُ‫ض َّل لَه‬ ِ ‫ت اَ ْع َما ِلنَا َم ْن يَ ْه ِد هللاُ فََلَ ُم‬ َ ‫ش ُر ْو ِر اَ ْنفُ ِسنَا َو‬
ِ ‫س ِيهئَا‬ ُ ‫ب اِلَ ْي ِه َونَعُ ْوذُ ِباهللِ ِم ْن‬ ُ ‫َونَت ُ ْو‬
‫ اَ ْش َه ُد اَ ْن الَ اِلهَ اِالَّ هللاُ َو ْح َدهُ الَ ش َِري َْك لَهُ َواَ ْش َه ُد اَ َّن ُم َح َّمدًا‬.ُ‫ِي لَه‬ َ ‫ض ِل ْل فََلَ هَاد‬ ْ ُ‫َو َم ْن ي‬
‫ص َحا ِب ِه َو َم ْن تَ ِب َعهُ اِلَى‬ ْ َ‫علَى َءا ِل ِه َوا‬ َ ‫علَى نَ ِب ِيهنَا ُم َح َّم ٍد َو‬ َ ‫سَلَ ُم‬ َّ ‫صَلَة ُ َوال‬َّ ‫س ْولُهُ َوال‬ ُ ‫ع ْب ُدهُ َو َر‬ َ
‫ قَا َل‬. َ‫عتِ ِه لَعَلَّ ُك ْم ت ُ ْف ِل ُح ْون‬
َ ‫طا‬َ ‫ص ْي ُك ْم َونَ ْف ِسي بِتَ ْق َو هللاِ َو‬ ِ ‫ ا ُ ْو‬: ِ‫ فَيَا ِعبَا َد هللا‬:ُ‫ اَ َّما بَ ْعد‬.‫يَ ْو ِم ال ِ هدي ِْن‬
....ُ‫يم َوٱلَّذِينَ َم َعه‬ َ ‫سنَةٌ فِ ٓى ِإب َٰ َْر ِه‬ َ ‫َت لَ ُك ْم أُس َْوة ٌ َح‬ ْ ‫ قَ ْد َكان‬:‫آن ْال َك ِري ِْم‬ ِ ‫هللاُ تَ َعالَى فِى ْالقُ ْر‬
Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar
Jamaah Shalat Idul Adha anu Dimuliakan Allah.
Puji sinareng syukur urang sami-sami panjatkeun ka hadirat Allah swt anu parantos maparinan
kanikmatan anu sakitu seueurna dugi ka urang tiasa hadir dina enjing ieu dina raraga ngalaksanakeun ibadah
Idul Adha taun 1443 Hijriyah. Rohmat sinareng kasalametan mugia salamina dilungsurkeun ka jungjunan
urang sadaya Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, para sahabatna sareng umatna anu satia sareng para
penerus dakwahna dugi ka akhir zaman.
Hadirna urang ayeuna dina saat sareng tempat ieu mareng sareng jama’ah haji ti sakuliah dunya anu
nuju ngarengsekeun ibadah haji di padang Arafah. Kurang leuwih 100.051 ribu jama’ah haji ti Indonesia
tumplek ngahiji sareng jutaan jama’ah ti sakuliah dunya, ayeuna parantos rengse ngalaksanakeun wukuf di
Arofah menuju ka Muzdalifah diteraskeun mabit di Mina. Atuh kalintang saena, dina saat ieu, urang sami-
sami du’akeun wargi-wargi urang anu aya di Tanah Suci mudah-mudahan sadayana tiasa ngalaksanakeun
ibadah haji anu samistina, aya dina kalancaran, tur kasalametan, kalawan mugi sing janten haji mabrur-
mabruroh. Atuh urang oge mudah-mudahan ditakdirkeun tiasa mios ngalaksanakeun ibadah Haji sareng
Umroh ka Tanah Suci.
Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar Walillahilhamd
Jamaah Shalat Idul Adha Rahimakumullah
Kahirupan urang kiwari masih ngarandapan rupa-rupa pasoalan anu karasana pait jeung hese
ngungkulanana, naha anu patali sareng masalah kemunduran akhlak atawa moral bangsa, kerawanan sosial,
kasulitan ekonomi, lemahna ketahanan keluarga, masalah politik sareng dampak buruk media sosial.
Kaasup masalah ruksakna lingkungan alam sekitar. Lamun diukur tina kacamata ajaran Islam, manahoreng
yen hesena urang nyanghareupan jeung ngungkulan rupa-rupa masalah kahirupan eta lantaran urang anu
ngaku muslim can bener-bener ngalarapkeun ajaran Islam anu samistina oge lantaran masih jauhna urang
ti Alloh Subhanahu wata’ala. Ku kituna, nyandak pelajaran tina ibadah haji sareng qurban sareng nyonto
kahirupan Nabi Ibrahim sareng kulawargana penting pisan. Sahenteuna, aya lima kakuatan anu kedah urang
bina dina diri urang supados tiasa ngungkulan masalah sareng ngawangun kahirupan anu langkung saé ka
hareupna.

Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar


Jamaah Shalat Idul Adha Rahimakumullah
Kahiji, kuatna aqidah, iman atawa tauhid ka Alloh swt. Nabi Ibrahim as parantos nunjukkeun
ka urang sadaya kumaha aqidah anu kuat tur kokoh dina jiwana payus pisan jadi conto anu utama tur
penting..sakumaha pidawuh Alloh SWT:
....ُ‫يم َوٱلَّذِينَ َمعَه‬ َ ‫َت لَ ُك ْم أُس َْوة ٌ َح‬
َ ‫سنَةٌ فِ ٓى إِب َٰ َْر ِه‬ ْ ‫قَ ْد َكان‬
“Satemenna geus aya conto anu hade pikeun aranjeun dina Ibrahim jeung jalma-jalma anu bareng jeung
Anjeunna..........” QS Al Mumtahanah [60]:4).
Salah sahiji dampak positip tina aqidah anu kuat bakal ngajadikeun jalma mukmin ngabogaan
prinsip anu teguh dina satiap kaayaan, moal mopohokeun dirina nalika keur bungah, boh bagja alatan harta
banda, jabatan, popularitas, loba pengikut atawa kakuatan fisik. Pon nyakitu deui teu putus asa dina waktu
meunang katunggaraan, boh alatan gering, musibah alam, kakurangan harta banda atawa rupa-rupa masalah
sejenna.

Kakuatan Ummat Kadua anu kudu urang bina nyaeta budi pekerti anu mulya (Akhlaqul
Karimah). Urang nyakseni yén kaayaan moral masarakat utamana generasi muda kiwari pohara matak
pikahariwangeunana, upama terus kitu, teu gancang-gancang dilelempeng tangtu bakal menuju kana
kehancuran. Saurang ulama Mesir anu pupus taun 1932 Masehi Syauqi Bey kantos nyarios;
‫ت أَ ْخَلَقُ ُه ْم ذَ َهبُ ْوا‬ ْ ‫ِإنَّما َ األ ُ َم ُم األ َ ْخَلَ ُق ما َ َب ِق َي‬
ْ ‫ت َو ِإ ْن ُه ُم ْو ذَ َه َب‬
“Suatu bangsa akan kekal selama berakhlak, bila akhlak telah lenyap, lenyaplah bangsa itu”.

Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar


Jamaah Shalat Idul Adha Rahimakumullah
Katilu, kakuatan jalma anu kudu urang bina nyaeta kakuatan elmu dina harti urang kudu
ngawasa elmu. Ku sabab kitu, nyiar élmu téh lain ngan pikeun neangan gelar, atawa ijasah wungkul,
malahan lain ngan saukur kawajiban, tapi ngarupakeun kabutuhan sareng kautamaan anu kacida mulyana.
Sangkan urang bisa nanjeurkeun peradaban modern anu Islami. Kulantaran kitu, generasi Ibrahim teh
nyaeta generasi anu mikacinta kana elmu.

Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar


Jamaah Shalat Idul Adha Rahimakumullah
Kaopat, kakuatan umat anu wajib urang bina nyaéta ukhuwwah Islamiyah. Dina ibadah haji,
umat Islam ti sakuliah dunya anu béda-béda kasang tukangna bisa papanggih, ngumpul jeung ibadah di hiji
tempat, kalawan maké pakean anu sarua. Sadaya ieu cukup pikeun ngajarkeun ka urang kumaha ukhuwah
anu kudu ku urang bina di antara sasama muslim. Lamun ukhuwah Islamiyah diwujudkeun dina kahirupan
urang, mangka salaku umat urang boga kakuatan jeung wibawa, rupa-rupa masalah umat bisa direngsekeun,
kualitas umat bisa ditingkatkeun jeung musuh-musuh Islam bisa disanghareupan. Kulantaran kitu, umat
Islam kudu ngahiji dina akidah, babarengan dina ibadah, silih tulungan dina mu’amalah, toleransi dina
ukhuwwah, insya Allah agama kuat, bangsa jeung nagara hebat bermartabat. Allah swt ngadawuh:
“Saéstuna jalma-jalma mukmin téh sadulur. ku kituna damaikeun (perbaiki hubungan) antara dua dulur
anjeun, jeung sing taqwa ka Allah, supaya anjeun meunang rahmat”. (Surah Al Hujurat 49:10).

Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar Walillahilhamd


Jamaah Shalat Idul Adha Rahimakumullah
Kakuatan ummat anu kalima anu kudu urang bina nyaeta kakuatan ekonomi, ieu pelajaran anu
tiasa urang jadikeun tauladan tina pribadi Nabi Ibrahim sareng kulawargana anu usaha milarian rezeki anu
halal, henteu ngahalalkeun sagala cara. Kasusah dina kahirupan teu bisa dijadikeun alesan pikeun
ngahalalkeun sagala cara dina neangan harta banda. Kayakinan yen Allah anu Maha Ngarizkian
ngajadikeun manusa kudu daék ikhtiar pikeun nyumponan kaperluan hirupna. Ku sabab eta Alloh ridho ka
sing saha jalma anu ikhtiar sanajan kudu meunang kasulitan, Rosululloh SAW ngadawuh:
‫ب ْال َحَلَ ِل‬
ِ َ‫طل‬ ِ ‫الى يُ ِحبُّ أَ ْن يَ َرى تَ ِعبًا‬
َ ‫فى‬ َ ‫هلل تَ َع‬
َ ‫إن‬َّ
Saéstuna Alloh mikanyaah (ngaregepkeun) ningali hambana capé néangan anu halal (HR. Ad Dailami).
‫‪Usaha anu halal, sanajan saeutik hasilna, éta hiji hal anu leuwih hade tinimbang loba tina ladang jalan teu‬‬
‫‪halal anu matak teu barokah sareng bakal nurunkeun martabat pribadi. Sakumaha anu dilakukeun ku Siti‬‬
‫‪Hajar nyaeta usaha milarian rizki pikeun kalangsungan hirup. Siti Hajar kadang leumpang jeung kadang‬‬
‫‪lumpat milarian cai ti bukit Sofa ka bukit Marwah dugi ka 7 kali balikan, eta pisan anu dina manasik Haji‬‬
‫‪disebut Sa’i, sacara harfiyah Sa’i hartina usaha. Sofa hartina suci, Marwah hartina ideal. Kumargi kitu, hiji‬‬
‫‪jalma muslim komo deui anu tos ngalaksanakeun ibadah Haji kudu neangan rizki anu hade tur halal, ulah‬‬
‫‪dugi ka baramaen menta-menta komo deui maling atawa nipu.‬‬
‫‪Usaha milari rizki ulah jadi alesan jauh ti Allah, talangke atawa mumul ibadah lantaran sibuk usaha.‬‬
‫‪Kulantaran kitu saba’da ikhtiar maksimal, urang kudu tawakal, tuluy masrahkeun hasilna ka Gusti Alloh.‬‬
‫‪Dina hal ieu pisan manusa bakal meunang tur ngahasilkeun hiji perkara saluyu sareng ikhtiarna. Alloh SWT‬‬
‫; ‪ngadawuh‬‬

‫ان ِإ اَّل َما َ‬


‫س َع ٰى‬ ‫س ِ‬‫ْل ْن َ‬ ‫َوأَ ْن لَي َ‬
‫ْس ِل ْ ِ‬
‫"]‪"Yen saestuna manusa moal meunang nanaon iwalti naon anu diusahakeunana. [QS. An-Nazm; 39‬‬
‫‪Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar Walillahilhamd‬‬
‫‪Jamaah Shalat Idul Adha Kaum Muslimin Rahimakumullah‬‬
‫‪Sakitu rupina khutbah Idul Adha anu tiasa kadugikeun, mudah-mudahan janten elmu anu manfaat‬‬
‫‪kalayan tiasa ngadorong urang tiasa ningkatkeun iman sareng amal sholeh dina kahirupan urang sadaya.‬‬
‫ت َوال ِذه ْك ِر ْال َح ِكي ِْم‪َ .‬وتَقَ ِبه َل‬
‫آن ْالعَ ِظي ِْم‪َ .‬ونَفَعَنِي َواِ ِيها ُك ْم بِ َما فِ ْي ِه ِمنَ اآليَا ِ‬ ‫ار َك هللاُ ِلي َولَ ُك ْم فِي ْالقُ ْر ِ‬ ‫بَ َ‬
‫هللا ْال َع ِظي َْم لَ ْي َولَ ُك ْم‬‫س ِم ْي ُع ْال َع ِل ْي ُم ‪.‬أقُ ْو ُل قَ ْو ِلي هَذا َوأ ْست َ ْغ ِف ُروا َ‬ ‫َلوتَهُ اِنَّهُ ُه َواال َّ‬ ‫هللا ِم ِنهي َو ِم ْن ُك ْم تِ َ‬
‫ت فَا ْست َ ْغ ِف ُر ْوهُ إنَّهُ ُه َو ْالغَفُ ْو ُر َّ‬
‫الر ِح ْي ُم‬ ‫ت َو ْال ُمؤْ ِمنِيْنَ َو ْال ُمؤْ ِمنَا ِ‬‫سائِ ِر ْال ُم ْس ِل ِميْنَ َو ْال ُم ْس ِل َما ِ‬
‫َو ِل َ‬
‫‪KHUTBAH KA DUA‬‬

‫ص ْيَلً‪ ،‬الَ إِلهَ إِالَّ‬ ‫س ْب َحانَ هللاِ بُ ْك َرة ً َوأَ ِ‬ ‫اَهللُ أَ ْكبَ ُر ‪ 7x‬اَهللُ أَ ْكبَ ُر َكبِي ًْر َاو ْال َح ْم ُد ِهللِ َكثِي ًْرا َو ُ‬
‫هللاُ َوهللاُ أَ ْكبَ ُر‪ ،‬اَهللُ أَ ْكبَ ُر َوهللِ ْال َح ْم ُد‪ِ .‬إ َّن ْال َح ْم َد ِ َّلِلِ ن َْح َم ُدهُ َونَ ْستَ ِع ْينُهُ َونَ ْستَ ْغ ِف ُر ْه َونَعُوذُ بِاهللِ‬
‫ض ِل ْل فََلَ‬ ‫ض َّل لَهُ َو َم ْن يُ ْ‬ ‫ت أَ ْع َما ِلنَا‪َ ،‬م ْن يَ ْه ِد ِه هللاُ فََلَ ُم ِ‬ ‫س ِيهئَا ِ‬ ‫ش ُر ْو ِر أَ ْنفُ ِسنَا َو ِم ْن َ‬ ‫ِم ْن ُ‬
‫س ْولُهُ‬ ‫ِي لَهُ‪ .‬أَ ْش َه ُد أَ ْن الَ ِإلَهَ ِإالَّ هللاُ َو ْح َدهُ الَ ش َِري َْك لَهُ َوأَ ْش َه ُد أَ َّن ُم َح َّمدًا َ‬
‫ع ْب ُدهُ َو َر ُ‬ ‫هَاد َ‬
‫سلَّ َم تَ ْس ِل ْي ًما َك ِثي ًْرا‪ .‬قَا َل تَ َعالَى‪َ :‬يا أَيُّها َ‬ ‫ص َحا ِب ِه َو َ‬ ‫علَى آ ِل ِه َوأَ ْ‬ ‫صلَّى هللاُ َ‬
‫علَى نَ ِب ِيهنَا ُم َح َّم ٍد َو َ‬ ‫َ‬
‫ق‬‫{و َمن يَت َّ ِ‬ ‫هللا َح َّق تُقَاتِ ِه َوالَ تَ ُم ْوت ُ َّن إِالَّ َوأَنت ُ ْم ُّم ْس ِل ُم ْونَ ‪ .‬قَا َل تَعَالَى‪َ :‬‬ ‫الَّ ِذيْنَ َءا َمنُوا اتَّقُوا َ‬
‫س ِيهئَاتِ ِه َويُ ْع ِظ ْم لَهُ أَ ْج ًرا} ث ُ َّم ا ْعلَ ُم ْوا‬
‫ع ْنهُ َ‬ ‫هللا يُ َك ِفه ْر َ‬‫ق َ‬ ‫{و َمن يَت َّ ِ‬ ‫هللا يَ ْج َعل لَّهُ َم ْخ َر ًجا} َوقَا َل‪َ :‬‬ ‫َ‬
‫علَى‬ ‫صلُّ ْونَ َ‬ ‫هللا َو َمَلَئِ َكتَهُ يُ َ‬ ‫س ْو ِل ِه فَقَا َل‪ِ { :‬إ َّن َ‬ ‫علَى َر ُ‬ ‫سَلَ ِم َ‬ ‫صَلَةِ َوال َّ‬ ‫هللا أَ َم َر ُك ْم ِبال َّ‬
‫فَإِ َّن َ‬
‫علَى‬ ‫علَى ُم َح َّم ٍد َو َ‬ ‫ص ِهل َ‬ ‫س ِله ُم ْوا تَ ْس ِل ْي ًما}‪ .‬اَللَّ ُه َّم َ‬ ‫علَ ْي ِه َو َ‬ ‫صلُّ ْوا َ‬ ‫يِ‪َ ،‬يا أَيُّها َ الَّ ِذيْنَ َءا َمنُ ْوا َ‬ ‫النَّ ِب ه‬
‫علَى‬ ‫ار ْك َ‬ ‫علَى آ ِل ِإب َْرا ِهي َْم‪ِ ،‬إنَّ َك َح ِم ْي ٌد َم ِج ْيدٌ‪َ .‬و َب ِ‬ ‫علَى ِإب َْرا ِهي َْم َو َ‬ ‫ْت َ‬ ‫صلَّي َ‬ ‫آ ِل ُم َح َّم ٍد َك َما َ‬
‫علَى آ ِل إِب َْرا ِهي َْم‪ ،‬إِنَّ َك َح ِم ْي ٌد َم ِج ْيدٌ‪.‬‬ ‫علَى إِب َْرا ِهي َْم َو َ‬ ‫ت َ‬ ‫ار ْك َ‬‫علَى آ ِل ُم َح َّم ٍد َك َما بَ َ‬ ‫ُم َح َّم ٍد َو َ‬
‫ت‪ِ ،‬إنَّ َك‬ ‫اء ِم ْن ُه ْم َواْأل َ ْم َوا ِ‬
‫ت اْأل َ ْحيَ ِ‬ ‫اَللَّ ُه َّم ا ْغ ِف ْر ِل ْل ُم ْس ِل ِميْنَ َو ْال ُم ْس ِل َماتِ‪َ ،‬و ْال ُمؤْ ِمنِيْنَ َو ْال ُمؤْ ِمنَا ِ‬
‫ار ُز ْقنَا‬ ‫اط َل با َ ِطَلً َو ْ‬ ‫عهُ‪َ ،‬وأَ ِرنَا ْالبَ ِ‬ ‫ار ُز ْقنَا ا ِت هبَا َ‬ ‫ْب‪ .‬اَللَّ ُه َّم أَ ِرنَا ْال َح َّق َحقًّا َو ْ‬ ‫س ِم ْي ٌع قَ ِري ٌ‬ ‫َ‬
‫ار‪َ .‬ربَّنَا هَبْ لَنَا‬ ‫اب النَّ ِ‬ ‫عذَ َ‬ ‫سنَةً َوقِنَا َ‬ ‫اآلخ َرةِ َح َ‬ ‫سنَةً َوفِي ِ‬ ‫اجتِنَا َبهُ‪َ .‬ربَّنَا آتِنَا فِي ال ُّد ْن َيا َح َ‬ ‫ْ‬
‫ع َّما‬‫س ْب َحانَ َر ِبه َك َربه ِ ْال ِع َّز ِة َ‬ ‫اج َع ْلنَا ِل ْل ُمت َّ ِقينَ ِإ َما ًما‪ُ .‬‬ ‫اجنَا َوذُ ِ هريَّا ِتنَا قُ َّرةَ أَ ْعيُ ٍن َو ْ‬ ‫ِم ْن أَ ْز َو ِ‬
‫لِل َربه ِ ْال َعالَ ِميْنَ ‪.‬‬ ‫س ِليْنَ َو ْال َح ْم ُد ِ َّ ِ‬ ‫علَى ْال ُم ْر َ‬ ‫سَلَ ٌم َ‬ ‫صفُ ْونَ ‪َ ،‬و َ‬ ‫يَ ِ‬
H. Dedi Zulharman, M.Ag
Penyuluh Agama Islam Kec. Pagerageung

You might also like