• 30 kawih Sunda
1. Peuyeum Bandung
Dimana-mana, di kampung di kota
Tos kakoncara, ku nimat rasana
Sampeu asalna, tur direka-reka
Naon namina, ku matak kabita.
Peuyeum Bandung ka mashur
Pangaosna teu luhur
Ku sadaya kagaleuh
Sepuh jeung murang kalih.
Mangga cobian, bilih panasaran
Peuyeum ti Bandung, henteu sambarangan.
2. Mojang Priangan
Angkat ngagandeuang, bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban, Mojang Priangan
Umat imut lucu, sura seuri nyari
Larak lirik keupat, Mojang Priangan
Diraksukan kabaya, nambihan cahayana
Dangdosan sederhana, Mojang Priangan
Diraksukan kabaya, nambihan cahayana
Dangdosan sederhana, Mojang Priangan
Mojang anu donto, matak sono nu nempo
Mun tepang sono ka Mojang Priangan.
3. Manuk Dadali
Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Mébekeun jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak méga bari hiberna tarik nyuruwuk.
Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung perténtang taya bandinganana
Dipikagimir dipikasérab ku sasama
Taya karémpan kasieun lébér wawanénna.
Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti indonesia jaya
Manu dadali pangkakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna.
Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis béla pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna bangsa jeung rahayat Indonésia.
4. Bubuy Bulan
Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang
Panon poe , panon poe di sasate
Unggal bulan, unggal bulan abdi teang
Unggal poe,, unggal poe oge hade
Situ ciburuy laukna hese di pancing
Nyeredet hate ningali ngeplak caina
Duh eta saha nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate ningali sorot socana
5. Dina Jandéla
Tina jandéla urang silih gupayan
lemu paneuteup deudeuh jeung geugeut neuteup eunteub
tara nu nyora simpé henteu nyarita
ngukir ciptaan tresna jeung asih marengan
Lir nu keur ngimpi, lir nu keur ngimpi
gambar lamunan naon geuning nu katepi.
lir nu disirep, lir nu disirep
geter katineung reureuh geuning, rep rerep.
Tina jandéla urang silih kiceupan
imut kareueut raga katresnaan padeukeut
langit keur lenglang jauh tina kamelang
urang jadikeun galeuh pasini lawungkeun.
6. Sanga Gancang ( Noneng R )
Kinanti pamekar arum. Gentra dipirig ku gending.
Lir hirup mah sareng hurip na. Rebab panggeuing na ati.
Kendang panggugat na atma. Nawiskeun wujud rohani.
Rohani nyata na ayun. Nu ngancik dijirim jalmi.
Di basisir loba layung. Di ala kunu di buat.
Pikir abdi keur tagiwur. Sok asa kasuat – suat.
Bungkus baju make tilam. Pangrapeut na sa aya – aya.
Duh gusti ratuning alam. Salamet sa Indonesia.
Samping hideung dina upih. Di bantun dikakalerkeun.
Abdi nineung da kanu mulih. Teu kenging dipapalerkeun.
7. Samoja ( Euis Komariah & mang Koko)
Kedal na asih na bulan pinuh mamanis.
Hiji jangji pasini na rasmining wanci
Mangsa samoja jongjon kembangan.
Duh eulis langit lenglang. Angin rintih dina ati … aduh.
Lalakon lawas na bulan pinuh katineung.
Aya jangji pasini nu heunteu ngajadi.
Mangsa samoja geus ngarangrangan…. Duh ieung.
Langit anggeub samagaha dina ati … duuh.
Ayeuna kantun wa’as na jungjunan.
Lalakon katukang diteang ngan ku ciptaan.
Kamari nu pamit … kamari nu pamit.
Datang deui na kalangkang.
Ayeuna kantun ngangres na jungjunan
Lalakon nu lawas (peugat) di sambung ngan ku ciptaan.
Kamari nu leungit …. Kamari nu leungit.
Rek leubeung mo datang deui.
8. Enjing dei
Enjing…urang teupang deui
Enjing…urang angkat deui
Kapan tos jangji bade satia
Tong pura pura mun leureus cinta
Enjing deui enjing deui
atuh ulah bohong deui bohong deui
Enjing…urang teupang deui
Enjing…urang ngobrol deui
Awas tong hilap seueur aleusan
Bade kamana tong pura pura
Enjing deui enjing deui atuh ulah bohong deui bohong deui
Saweungi asa tos lami
Saminggu bade ditunggu
Sabulan taya wartos pisan
Teu maparin putusan Laaaah enjing deui
9. Ramalan Asih
Pituduh ramalan asih…
heeeh dinten minggu ulah mulih
Lamun angkat dinten senen
Hujan ngeucreuk ti enjing dugi ka sonten
Salasa dintenna cangra
Hahhh namung nombok na cilaka
Lamun angkat dinten rebo
Udar cinta didodoho pondok jodo
Dinten kemis mulus…Hanjakal diancam putus
Dinten jumaah ulah sok kapegat caah rongkah
Dinten saptu kade halangan nombok di sue
Minggu payun teu langkung tapi abdi arek pundung
Da teupang teh apan langka
Haaah Matak naon rada lami
Sakeudap teh teu karasa
Na teu sono pateupang jeung buah ati
10. Salam Sono
hatur salam, salam sono…haturan engkang…
hatur salam, salam sono…haturan engkang
tos lami teu pateupang da bongan urang paanggang
duh aduh aduh aduh…salam sono haturan engkang
ieu salam, salam sono
tawis ati sing jadi tilam katresna
ieu salam ,salam sono
duh…disanggakeun ka jungjunan
rakeut… geugeut…rangkul deudeuh
imut geugeut…teuteup deudeuh
nineung deui… nineung deui
salam sono.. salam sono
11. Kania
ngangkleung tineung ngawang ngawang
bongan deukeut bongan meulang
rumasa diri kabandang ieu
kalebuh geter kadeudeuh kapentang gandrung
hayang kuring nyaritakeun mamanis dina melodi
hayang kuring nguniangkeun anteubna dina kacapi
jadi lagu nu abadi wawakil titipan ati
nu teuteup imut kareueut najan asih samar teupi
kania….duh kania…
linduh asih linduh bulan
duh teuteupan katresna
nya ti njeun kuring meutik.
12. Puspa Reuma
Puspa reuma endah teh ngahudang rasa
Ku teu sangka horeng beut jadi didinya
Na ku naon neundeun asih kadirina
Kapikat panah asmara mustika kembang katresna
Nya di gunung kuring teupung
Gandrung liwung kapidangdung
Duh aduh malati ligar na ati
Nenggorkeun imut kareueut pinuh ku madu mamanis
Nu kapireung harewos mawa hariring
Ngagalindeung nyanding dina hate kuring
Geter asih minuhan rasa katineung
Na rangkulan jadi sungkeman kaheman
13. Bimbang
Rasa bingbang…rasa meulang…
Diangkleung angkleung honcewang
Nanya diri nangtang ati
Rek nyieun hiji putusan pabeurat beurat timbangan
Naha bimbang…naha meulang….
Kainggis reujeng mamanis
Silih eunteung patembongan
Naha bingbang naha melang
Ditalikung Liwung gandrung
Ngalanglayung pageuh tangtung
Bingbang…meulang….
Nineung….keueung
Nun gusti nu maha agung
pasihan pituduh jalan
Abdi panceug kayakinan
teu bimbang nampi cobaan.
14. Es lilin
Es lilin mah didorong-dorong
dibantun mah dibantun ka Sukajadi
abdi isin dunungan samar kaduga
sok inggis mah aduh henteu ngajadi
Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
dicandak mah geuning ka Cipaganti
abdi isin jungjunan duh bararingung
sok inggis mah aduh henteu ngajadi
Itu saha dunungan nu nungtun munding
digantelan geuning ku saputangan
itu saha dunungan ku ginding teuing
sing horeng mah aduh geuning jungjunan
Es lilin mah ceuceu dikalapaan
raosna mah geuningan kabina-bina
abdi alim dunungan paduduaan
sok sieun mah dibantun kamana-mana
Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir
ka kaler mah ka kaler katojo bulan
kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
moal paler geuningan da ku sabulan
15. Sabilulungan
Sabilulungan, urang gotong-royong
Sabilulungan, urang silih rojong
Sabilulungan, genteng ulah potong
Sabilulungan, persatuan tembong
Tohaga, rohaka..
Rempug jukung ngabasmi pasalingsingan
Satia, sajiwa..
Rempug jukung ngabasmi pasalingsingan
16. Bajing luncat
Bajing luncat bajing luncat kaastana aduh
abdi lepat narosan teu ti anggalna
bajing luncat bajing luncat ka astana ieung
abdi lepat narosan teu anggangna
duh teu sangka salira bet laus pisan
teu hawatos kanu tos sesah ngantos-ngantos
api-api teu emut kana pasini
pasini pakait ati duh pakait ati
bajing luncat-bajing luncat kaastana aduh
abdi leupat narosan teu ti anggalna
17. Mawar Bodas
Mapay jalan satapak
Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu karasa capena
Sabab aya nu diteang
Hujan angin dor dar gelap
Hunteu aya keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing
Nu penting mah asal nepi
Ka tempat anu di tuju
Rek ngalongok mawar bodas
Nu moal lila ka ala
Sugan tea moal gagal
Kembang geus aya nu boga
Balik teh asa hoream leumpang ge asa ngalayang
Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir ti tadina
Lamun bakal nyeri hate
Hoream teu sudi teuing
Mikiran pipanyakiteun
Mikiran pipanyakiteun
18. Karatagan pahlawan
Teu honcewang sumurewang
Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksadna can laksana
Berjuang keur lemah cai
Lari rabi tur tegang pati
Taya basa menta pamulang tarima
Rido keur korban merdeka
19. SOMSE
Somse ala meni Somse
Eneng meni Somse
Sombong sekali
Somse ala meni Somse
Eneng meni Somse
Sombong sekali
Bongan ngaheureyan bae
Bongan naroelan bae
Bongan maroyokan bae
Ih… pika sebeleun
Is is ulah kitu
Is is ulah bendu
Is is ulah belikan
Is is ulah kitu
Is is ulah bendu
Is is ulah pundungan
Dimana-mana ge sami
Pameget mah cararuni
Mun pameget teu cunihin
Namina.. KuPer
Palias bararaid
Carunihin araroces
Sawios da sawios
Oces oge kararasep
20. Asmarandana
Manggih hakaneun saeutik
Dibikeun ka anak heula
Kajeun manehna mah engke
Sieun anak kalapara
Eta di sato hewan
Jalma mah leuwih ti kitu
Nyaah asihna ka anak
Mun anak dipareung geuring
Kurang sare kurang dahar
Jaba tatamba ka doktor
Henteu ngitung karugian
Asal anak waluya
Ti keur leuutik terus – terusan
Nepi ka anak sawawa
21. Kembang Ros
Kembang ros kumatak lucu
Nya alus rupa nya seungit
Heunteu aya papadana
Ratuning kembang sajati
Papaes ti patamanan
Seungit mani ngadalingding
22. Kinanti
Saweh kalah murungkut
Kawantu meujeuhna tiris
Tapi nugeus biasamah
Ngorejat teurus ka cai
Siuen kaberangan solat
Pancen ti gusti yang widi
Subuh- subuh rea mahluk
Nu ngarasa bungah ati
Lain bae sipat jalma
Sato hewan kitu deui
Manuk ricit dina tangkal
Hayam kongkorongok tarik
23. Laut Kidul
laut kidul kabeh katinggali
Ngebat paul kawas dina gambar
Ari ret kaleubah kaler batawi ngarungkunuk
Laut namah teu katingali
Ukur lebah lebahna
Semu- semu biru
Ari ret kalebah wetan
Gunung gede kawas nu ngajakan balik
Meh bae kapiuhan
24. Lemah cai
Lemah cai kuring
Nagri endah asri
Sugguh cacah jiwa
Bahan lubak libuk
Simkuring tresna miwah nyaah
Lemah cai Indonesia
Kuring suka kluring
betah Indonesia gemah ripah
25. Maskumambang
Itu kusir bangun umbak ambek teuing
Turun tina delman
Kuda dipecut tarik
Teu aya pisan ras rasan
Teu ngarasakeun bong kana sato laip
26. Panon Hideng
Panon hideng
Pipi koneng
Irung mancung
Putri Bandung
Putri saha dimana bumina
Abdi resep ka anjeuna
Siang weungi kaimpi- impi
Hate abdi sararedih
Teu emut dahar
Teu emut nginum
Emut kanu geuils
Panon hideng
27. Sapu nyere pegat simpati
Ririungan urang karumpul
meumpeung deukeut hayu rang sosonoan
Macangkrama bari ngawadul
urang silih tempas silih eledan
Moal lila jeung babaturan
hiji wanci anu geus ditangtukeun
Bakal pisah bakal pajauh
bakal mapohokeun katineung urang
Sapu nyerepegat simpai
bakal kasorang takdir
ti Gusti Hyang Widi
pasti kalakon
Urang rek papisah
urang rek pajauh
meumpeung deu keut
hayu rang sosonoan
28. Pahlawan Toha
Getih suci nyiram bumi, tulang setra mulang lemah
Babakti nyungkem pertiwi, cikal bugang putra bangsa
Nyatana Pahlawan Toha, Pahlawan Bangdung Selatan
Patriot di Dayeuh Kolot, Tugu diwangun ngajadi ciri
Tarate nu mangkak, Ligar di Empang
Jadi bukti gugurna, Pahlawan bangsa
29. Tanah Sunda
Tanah sunda, wibawa, gemah ripah, tur endah
Nungumbara suka betah
Orang sunda, sawawa, sing toweksa, perceka
Nyangga darma anu nyata
Seweh pajajaran, mungga tong kasmaran
Sing tuladen jeung rumasa
Miara pakaya, memang sawajibna
Geten titen rumawat tanah pusaka
30. Duh Indung
Duh indung ngaraksa ngajaring anak
Najan rungsing matak pusing
Heunteu weleh deudeuh, mikanyaah asih
Di mongmong jeung di titimang
Duh indung ngaping ngadama-dama anak
Ngamumule buah hate
Ngajungjung tur ngagung-ngagung
Anak di jieun puputon
Duh indung, duh indung
Timang titi ngamongmong anak
Duh indung, aduh indung
Teu kendat ngadudu’a